III. WAWACAN
Nurutkeun sejarahna wawacan teh asalna ti Jawa
(Mataram) abad 17 M
A. Definisi
& Asal Kecap
Wawacan = WACA/ MACA
Karya sastra sapeuran anu
wangunna nuturkeun pola patokan pupuh.
B. Maca wawacan
C. Ciri-ciri
Maca Wawacan:
1.
Mangrupa karangan narasi (carita)
2.
Kanyahoan saha nu ngarangna jeung iraha nulisna
3.
Jalan caritana panjang
4.
Kaasup kana wangun karangan ugeran
5.
Dianggit make patokan pupuh
6.
Ditepikeunna ditembangkeun
7.
Para palakuna biasana jalma linuhung
8.
Ngandung unsur pamohalan
9.
Dipidangkeun dina acara hajatan, khitanan, salamatenan orok, jst
D. Struktur
Wawacan
- Manggalasastra
(alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa
katut solawat ka Kangjeng Rosul;
- Eusi: guluyurna carita
ti mimiti nepi ka tamat;
- Bagian panutup
(kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan
E. Contoh
Wawaran
F. Wawacan
anu geus dibukukeun:
- H.Abdul Salam nulis Wawacan
Rengganis
- R.Soeriadiredja nulis
Wawacan Purnama Alam.
- Awal abad ke-20:
- R.Memed
Satrahadiprawira nulis:Wawacan Enden Saribano
- R.Satjadibrata
nulis:Wawacan Sastra-sastri
- Tubagus Djajadilaga
nulis:Wawacan Kidung Sunda.
- Mas Natawisastra
nyadur:Wawacan Bispuradja.
- R.HBoerhan Kartadiredja
nulis:Wawacan Natasungkawa. M.Kartadimadja nulis Wawacan
- Jaka Sundang.
- R.Machjar Angga Kusumah
Dinata nulis:Wawacan Nalaka Suraboma
- Engka Widjaja
nulis:Wawacan Lutung Kasarung.
- Nyi RSiti Hadidjah
nulis:Wawacan Rusiah Nu Kasep.
- M.A.Salmun nyadur Arjuna Wiwaha dina wangun wawacan dijudulan Mintaraga
- M.Sastradiredja menyadur :Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan Prabu Udayana

Tidak ada komentar:
Posting Komentar