I. NOVEL
A. Definisi Novel
Novel teh asalna tina bahasa latin nyaeta Novus(anyar), roboh jadi novelis, roboh demi jadi novel
(Novel-Novellus-Novel).
Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana. Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan cerita, tempat jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta). Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih pikaresepeun.
Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (wujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar jeung laluasa ngahirupkeun karakter palakuna.
B. Unsur-unsur Novel
Sangkan leuwih jentre, itu di handap ngeunaan unsur intrinsik nu aya genap dina novel, nyaeta :
- Jejer (téma) jejer téh inti carita ti awal nepi ka ahir. Téma dina novél di antarana kulawarga, kaagamaan (religi), sosial, jrrd.
- Palaku (tokoh) jeung watekna (karakter) Palaku téh jalma nu ngalalakon dina carita.
- Latar (setting) Latar téh lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar dibagi tilu nyaéta tempat, waktu, jeung suasana.
- Galur (plot) Galur téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepl ka ahir. Galur dibagi tilu nyaéta galur mérélé, mundur, jeung bobok tengah (campuran).
- Nangtukeun puseur sawangan, Puseur sawangan téh tilikan carita, bisa ngagunakeun gaya jalma kahiji, jalma kadua, atawa pangarang saukur nyarita keun palaku-palaku carita, sok disebut ogé gaya ngadalang.
- Nangtukeun amanat Amanat téh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngali watan caritana ka nu maca.
C. Novel anu Munggaran nyaeta (paling awal)
D. Identitas Novel
Idéntitas buku téh penting pikeun dikawasa ku nu ngaresensi buku sabab dina nulis buku référénsi, nu ngaresensi kudu ngawengku idéntitas buku salaku sarat utama. Sacara umum, idéntitas buku mangrupa kumpulan data buku anu penting sangkan pamiarsa paham kana sawangan eusi buku anu rék dibaca atawa dibeuli. Identitasna nyaeta :
- Judul, idéntitas buku kahiji nya éta judul buku, anu mangrupa judul atawa lulugu karangan anu biasana kapanggih dina panutup hareup.
- Pengarang, Lamun ditilik sacara gembleng, dina hiji artikel aya dua pangarang. Mimitina panulis buku anu diulas, sareng anjeun salaku pangarang atanapi salaku resensi.
- Pamedal (penerbit), jenis idéntitas buku dina resensi buku anu kudu diasupkeun nyaéta asal muasal penerbit. Yén reviewers bébas nangtang asal usul penerbit
- Tahun pamedal taun terbitna digunakeun pikeun ngaidéntifikasi éta buku sorangan sangkan gampil dibaca ku calon pamiarsa.
- Kandel (tebal) Identitas buku anu teu kurang pentingna nyaéta kandel kacana. Janten, fungsi kalebet ketebalan halaman bakal ngagampangkeun pamaca poténsial pikeun ngira-ngira buku
- Pangajen (penghargaan) pangakuan kana prestasi anu parantos dihontal ku buku.


Tidak ada komentar:
Posting Komentar