Rabu, 07 Juni 2023

VI. PUPUH SUNDA

 PUPUH



Pupuh téh mangrupa karya sastra wangun puisi anu mangrupa bagian tina khazanah sastra kabudayaan Sunda. Pupuh téh mangrupa salasahiji puisi tradisional anu gawé bareng antara karya sastra jeung tembang Sunda. Pupuh miboga wirahma jeung jumlah engang anu ngawangun pola dina unggal baris. Pupuh téh kaiket ku patokan (aturan) pupuh dina wangun guru wilangan, guru lagu, jeung watek. Guru wilangan nyaeta jumlah engang (suku kata) unggal padalisan (rarangken/baris). Guru lagu nyaéta sora panungtung (vokal panungtung) unggal padalisan. Sedengkeun watek mangrupa ciri eusi pupuh.

       Jumlah pupuh téh aya 17 jenis pupuh anu dibagi jadi dua golongan, nya éta 4 jenis pupuh anu kaasup kana Sekar Ageung jeung 13 jenis pupuh séjénna anu kaasup kana Sekar Alit. Pupuh Sekar Ageung bisa ditembangkeun (ditembangkeun) kalawan ngagunakeun leuwih ti hiji jenis tembang, sedengkeun pupuh Sekar Alit ngan bisa ditembangkeun ku hiji jenis tembang. Masing-masing tina 17 ragam pupuh di luhur miboga jumlah padalisan anu béda-béda, sanajan dina pupuh baku guru wilangan, guru lagu, jeung pupuh ka-17 pupuh watek di luhur, béda teuing.
Ieu di handap dipedar lengkepna ngeunaan 17 jenis pupuh katut contona.

1. Asmarandana

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan

1. Éling-éling mangka éling [8-i]

2. rumingkang di bumi alam [8-a]

3. darma wawayangan baé [8-é]

4. raga taya pangawasa [8-a]

5. lamun kasasar lampah [7-a]

6. napsu nu matak kaduhung [8-u]

7. badan anu katempuhan [8-a]


2. Balakbak

Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.

1. Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]

2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]

3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]


3. Dangdanggula

Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.

1. Méga beureum surupna geus burit [10-i]

2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]

3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]

4. naha teu palay tepung [7-u]

5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]

6. ari ras cimataan [7-a]

7. gedong tengah laut [6-u]

8. ulah kapalang nya béla [8-a]

0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]

10. kacipta salamina [7-a]


4. Durma

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa perang.

1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]

2. geus dipasti ku jangji [7-i]

3. mun tacan laksana [6-a]

4. numpes musuh sarakah [7-a]

5. henteu niat seja balik [8-i]

6. najan palastra [5-a]

7. mati di médan jurit [7-i]


5. Gambuh

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.

1. Ngahuleng banget bingung [7-u]

2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]

3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]

4. panon poé geus rék surup [8-u]

5. keueung sieun aya méong [8-o]


6. Gurisa

Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.

1. Hayang teuing geura beurang (8-a)

2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)

3. nagih kanu boga hutang (8-a)

4. mun meunang rék meuli soang (8-a)

5. tapi najan henteu meunang (8-a)

6. teu rék buru buru mulang (8-a)

7. rék tuluy guguru nembang (8-a)

8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)


7. Jurudemung

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.

1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]

2. ku kersaning anu Agung [8-u]

3. geus pinasti panggih [6-i]

4. jeung dua rupa perkara [8-a]

5. senang paselang jeung bingung [8-u]


8. Kinanti

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.

1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]

2. babaku ngapungna peuting [8-i]

3. nguriling kakalayangan [8-a]

4. néangan nu amis-amis [8-i]

5. sarupaning bungbuahan [8-a]

6. naon baé nu kapanggih [8-i]


9. Ladrang

Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun

1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]

2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]

3. sok luluncatan di cai [8-i]

4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]


10. Lambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun.

1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]

2. nyair bogo meunang kadal [8-a]

3. atuh teu payu dijual [8-a]

4. rék didahar da teu halal [8-a]


11. Magatru

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk, prihatin, sarta kalucuan.

1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]

2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]

3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]

4. Rajamandala Cimahi [8-i]

5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]


12. Maskumambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa.

1. Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]

2. teu aya rasrasan [6-a]

3. kaula maké disumpit [8-i]

4. naha naon dosa kula [8-a]


13. Mijil

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.

1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]

2. jeung méga geus awor [6-o]

3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]

4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]

5. milari sang rayi [6-i]

6. Pangéran Bimanyu [6-u]


14. Pangkur

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah, napsu, sadia rék perang.

1. Seja nyaba ngalalana [8-a]

2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]

3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]

4. balik paman sadaya [7-a]

5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]

6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]

7. Aing ngaran Jayapati [8-i]


15. Pucung

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a). Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling.

1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]

2. monyét loréng leupas [6-a]

3. luncat kana pager déngdék [8-é]

4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]


16. Sinom

Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira.

1. Warna-warna lauk émpang [8-a]

2. aya nu sami jeung pingping [8-i]

3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]

4. Ratna Rengganis ningali [8-i]

5. warnaning lauk cai [7-i]

6. lalawak pating suruwuk [8-u]

7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]

8. julung-julung ngajalingjing [8-a]

9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]


17. Wirangrong

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.

1. Barudak mangka ngalarti [8-i]

2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]

3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]

4. mangka getol mangka tigin [8-i]

5. pibekeleun saréréa [8-a]

6. modal bakti ka nagara [8-a]

Jumat, 02 Juni 2023

III. WAWACAN

 

III. WAWACAN


Nurutkeun sejarahna wawacan teh asalna ti Jawa (Mataram) abad 17 M 

A. Definisi & Asal Kecap

Wawacan = WACA/ MACA

Karya sastra sapeuran anu wangunna nuturkeun pola patokan pupuh.





B. Maca wawacan


C. Ciri-ciri Maca Wawacan:

1.     Mangrupa karangan narasi (carita)

2.     Kanyahoan saha nu ngarangna jeung iraha nulisna

3.     Jalan caritana panjang

4.     Kaasup kana wangun karangan ugeran

5.     Dianggit make patokan pupuh

6.     Ditepikeunna ditembangkeun

7.     Para palakuna biasana jalma linuhung

8.     Ngandung unsur pamohalan

9.     Dipidangkeun dina acara hajatan, khitanan, salamatenan orok, jst

D. Struktur Wawacan

  1. Manggalasastra (alofon): eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul;
  2. Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
  3. Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan

E. Contoh Wawaran


F. Wawacan anu geus dibukukeun:

  • H.Abdul Salam nulis Wawacan Rengganis
  • R.Soeriadiredja nulis Wawacan Purnama Alam.
  • Awal abad ke-20:
  • R.Memed Satrahadiprawira nulis:Wawacan Enden Saribano 
  • R.Satjadibrata nulis:Wawacan Sastra-sastri
  • Tubagus Djajadilaga nulis:Wawacan Kidung Sunda.
  • Mas Natawisastra nyadur:Wawacan Bispuradja.
  • R.HBoerhan Kartadiredja nulis:Wawacan Natasungkawa. M.Kartadimadja nulis Wawacan
  • Jaka Sundang. 
  • R.Machjar Angga Kusumah Dinata nulis:Wawacan Nalaka Suraboma
  • Engka Widjaja nulis:Wawacan Lutung Kasarung.
  • Nyi RSiti Hadidjah nulis:Wawacan Rusiah Nu Kasep.
  • M.A.Salmun nyadur Arjuna Wiwaha dina wangun wawacan dijudulan Mintaraga
  • M.Sastradiredja menyadur :Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan Prabu Udayana





Kamis, 01 Juni 2023

II. BIOGRAFI

 II. BIOGRAFI


A. Naom ari biografi teh?

"Jangan sekali-sekali meninggalkan sejarah.” _Soekarno

Leungit sejarahna, leungit bangsana 

B. Nilik saha nu nulisna, biografi dibagi 2: 


C. Milik Kana Padika Nuliskeunnana, Biografi dibagi 2:

D. Eusi Biografi

"Biografi nyaritaken riwayat saurang jalma kalayan lengkep, ngantep seureuhna, tur ngaruntuy ti mimiti lahir, naon jasa-jasana tur nepi ka wafatna."_biografi riwayat hidup

"Biografi nyarita keun atawa medar parkara Karir hiji jalma". _biografi riwayat karir

E. Saha wae anu dijieun biografina?

Taya lian anu gede jasana pikeun kahirupan bangsa jeung negara. Atawa tokoh sukses dunia hirupna.

Aya sawatar biografi inohong Sunda 

  1. Biografi pahlawan asal Jawa Barat
  2. Maranggung dina sajarah Sunda 
  3. 9 pahlawan asal Jawa Barat

Contohna: Dewi Sartika, Oto iskandar Dinata, Ir H. Juanda, LRE Martadinata, Ema Brata Kusuma, H. Zaenal Mustofah, Iwan Kusuma Sumantri jsb



F. Struktur teks biografi 


G. Kalimat wawaran (kalimat deklaratif)

Contohna:


Kalimat tadi konsep kalimat wawaran 

Kalimat wawaran nyaeta kalimat anu isina ngawawar keun, mere beja kanulian


Contoh sejenna 

  1. Neng aya keur gering tipes 
  2. Pa ukar teh gede pisan jasana keur urang Sunda 
  3. Karesep Andi teh macan novel

• Nilik kana aksen ngedalkeunnana kalimat wawaran ngabogaan tiga lentong 

1. Aksen tonis 

Kalimat salah sahiji enggangna dikedal keun lebih tarik jeung panjang.

2. Aksen dinamis 

Kalimat enggang tungtungna dikedalkan leuwih tarik.

3. Aksen temporal kalimat salah saiji enggangna dikedal keun luhur handep tur panjang -pondok.


Contohna :

 SOEKARNO


Présidén kahiji Republik Indonésia, Soekarno anu dawam digeroan Bung Karnolahir di BlitarJawa Wétan, 6 Juni 1901 sarta maot di Jakarta,21 Juni 1970.

Bapana ngaranna Raden Soekemi Sosrodihardjo sarta indungna Ida Ayu Nyoman RaiSawaktu hirupna, anjeunna miboga tilu pamajikan sarta dikaruniai dalapan anak. 


I. NOVEL

 

  

I. NOVEL

A. Definisi Novel

Novel teh asalna tina bahasa latin nyaeta Novus(anyar), roboh jadi novelis, roboh demi jadi novel

(Novel-Novellus-Novel). 


Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana. Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan cerita, tempat jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta). Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih pikaresepeun.


Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (wujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar jeung laluasa ngahirupkeun karakter palakuna. 


B. Unsur-unsur Novel

Sangkan leuwih jentre, itu di handap ngeunaan unsur intrinsik nu aya genap dina novel, nyaeta :

  1. Jejer (téma) jejer téh inti carita ti awal nepi ka ahir. Téma dina novél di antarana kulawarga, kaagamaan (religi), sosial, jrrd.
  2. Palaku (tokoh) jeung watekna (karakter) Palaku téh jalma nu ngalalakon dina carita.
  3. Latar (setting) Latar téh lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar dibagi tilu nyaéta tempat, waktu, jeung suasana.
  4. Galur (plot) Galur téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepl ka ahir. Galur dibagi tilu nyaéta galur mérélé, mundur, jeung bobok tengah (campuran).
  5. Nangtukeun puseur sawangan, Puseur sawangan téh tilikan carita, bisa ngagunakeun gaya jalma kahiji, jalma kadua, atawa pangarang saukur nyarita keun palaku-palaku carita, sok disebut ogé gaya ngadalang.
  6. Nangtukeun amanat Amanat téh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngali watan caritana ka nu maca. 

C. Novel anu Munggaran nyaeta (paling awal) 

Novel munggaran dina kasustraan Sunda nyaeta : 

D. Identitas Novel

Idéntitas buku téh penting pikeun dikawasa ku nu ngaresensi buku sabab dina nulis buku référénsi, nu ngaresensi kudu ngawengku idéntitas buku salaku sarat utama. Sacara umum, idéntitas buku mangrupa kumpulan data buku anu penting sangkan pamiarsa paham kana sawangan eusi buku anu rék dibaca atawa dibeuli. Identitasna nyaeta :

  1. Judul, idéntitas buku kahiji nya éta judul buku, anu mangrupa judul atawa lulugu karangan anu biasana kapanggih dina panutup hareup.
  2. Pengarang, Lamun ditilik sacara gembleng, dina hiji artikel aya dua pangarang. Mimitina panulis buku anu diulas, sareng anjeun salaku pangarang atanapi salaku resensi.
  3. Pamedal (penerbit), jenis idéntitas buku dina resensi buku anu kudu diasupkeun nyaéta asal muasal penerbit. Yén reviewers bébas nangtang asal usul penerbit
  4. Tahun pamedal  taun terbitna digunakeun pikeun ngaidéntifikasi éta buku sorangan sangkan gampil dibaca ku calon pamiarsa.
  5. Kandel (tebal) Identitas buku anu teu kurang pentingna nyaéta kandel kacana. Janten, fungsi kalebet ketebalan halaman bakal ngagampangkeun pamaca poténsial pikeun ngira-ngira buku
  6. Pangajen (penghargaan) pangakuan kana prestasi anu parantos dihontal ku buku.

VI. PUPUH SUNDA

  PUPUH Pupuh téh mangrupa karya sastra wangun puisi anu mangrupa bagian tina khazanah sastra kabudayaan Sunda. Pupuh téh mangru...